Jumat, 21 November 2008

Budak Badeur...

Kumaha Atuhnya Mulai na, kudu timana mimitina Jadi bingung...

keur zaman kuring leutik mah baheula barudak tas balik sakola teh sok langsung Arulin, tara balik heula. ka' asup kuring...aya nu langsung anyang2n, nyair lauk d walungan jeung sabangsana... kuring paling resep mah Ngojay, ngan aneh nepi k ayeuna bet teu bisa2.
ari kuring biasa na paling ulah nu ngaran ulin teh' indung teh kacida cerewedna, sakapeung mah sok mikir ieu teh indung tere kitu...balas galakna, nepi ka kapikiran nepi ka dinya.

dina hiji poe tepatna mah poe salasa' kapan ari poe salasa jeung Jumat teh indung masarna nepi k Sore sabab nya ramena mun poe pasar eta. salain poe eta mah teu loba nu daratang ka pasar' mun hari biasa mah indung jam 1 ge tos mulang.

Kabeneran poe salasa eta kuring ku babaturan, diajakan ngojay d balong na mang Jenab Bapakna si heni Babaturan sabangku keur diuk d bangku SD.

deuih moal d Carekan Ku ema i mun ameng heula didieu kan biasana oge sok d carekan waee?? moal Da emana Keur euweuh k Pasar balikna ke Burit, asal ngojay na tonk nepi k Burit teuing....ke i d carekan...Sakola agamana na poe ayeuna Boloss we' bae we si Ema mah moal apaleun ieuh.

tas ngomong kitu mah'' porosot..porosot we Baju teh....Jlengggg...jlenggg...jlengg...k Balong. ngojayna teu pake Baju. maklum da harita mah can apal mun aya baju ngojay (bikini) siga ayeuna. untung na teh leutik keneh jadi harita mah te era, duka tah mun ayeuna ngojay te pake Bajuuu..Kumaha...????

Ngarana oge ngojay d Balong' nya heueuh weee caina jadi kiruh pisan, da Leutakan' Butekkk....Atuh puguh wee kiruh na teh narempel na kulit...


aie.................aie..................aie..................Kadengee sora hawar-hawar aya nu gogorowokan tinu jauh, di denge-denge betanan asa Beuki deukeut jeung asa wawuh eta sora na teh,, pokokna ceuli teh asa sering pisan ngadengena.

Gebegggg....haaaaaaaaaaaah...Jantung teh asa rek Coplok'''
Kolot kuring geus asa D sisi Balong mang jenab''
kuring jeung Babturan ngan bisa pateuteup teu bisa ngomong nanaon......Molohok weeee

2 komentar:

ASEPPIRIWIT mengatakan...

Molohoooooook we jiga embe jualeun nya... hahahaaaaaaa.
Lucu ceritana, jadi hoyong ninggali mun otox ngojay teu ngango acuk ( tapi Ayeuna)

arinugraha mengatakan...

Barokokok . . . . wah puyeng bahasa planet . . . ora ngeri Son . . .